Kamis, 20 Februari 2014

Warga Miskin

"Ceuk dina undang-undang..."
"Masih keneh mikiran undang-undang, Mang?"
"Ih, tangtu bae kudu dipikiran, Lo. Lantaran tanpa undang-undang mah nagara jeung kahirupan nagara bakal kamana karep."
"Naon cenah ceuk undang-udang teh, Mang?
"Mun teu salah, di antarana warga miskin ditangtayuan ku nagara. Hartina nagara teu menang ngantep atawa ngapilainkeun warga miskin."
"Yaktos."
"Kaasup dina palayanan kasehatan, Lo."
"Enya, Mang. Warga miskin oge boga hak pikeun uubar sarta dirawat di rumah sakit."
"Perkara rumah sakit tea, Lo."
"Jaman baheula mah rea warga miskin anu teu ditarima ku rumah sakit alatan teu boga biaya keur uubar, pangpangna pikeun warga miskin anu kasakitna parna tur kudu di opnameu atawa dioprasi."
"Emh."
"Tapi kadieukeun mah pasen ti warga miskin rada bisa ngarenghap sabada aya sababaraha program nu diancokeun pikeun warga miskin, diantarana mun teu salah mah aya askesgakin, jampersal sarta nu bisa oge ka rumah sakit bari mawa surat katerangan tidah mampuh, SKM tea, Lo. Tur kiwari nu pang anyarna aya BPJS Kasehatan."
"Alhamdulillah."
"Papadaning kitu, ceuk dina warta ti media massa mah masih keneh rea warga miskin ani ditolak ku rumah sakit, pangpangna sabada diterapkeunana BPJS."
"Ambuing."
"Malah cenah di Sumatera mah nepi ka aya pasen msikin anu dipiceun ku pagawe rumah sakit."
"Gusti nepi kakituna."
"Tetela mgamanusakeun warga miskin teh di urang mah hese pisan."
"Padahal cenah urang teh bangsa anu beradab, Mang."
"Lian ti pasualan kasehatan, dina pasualan sejenna oge warga miskin teh remen dikekesek."
"Bener, Mang."
"Di urang mah aya kesan warga miskin teh diperhatikeun ukur dina mangsa pamilu wungkul."
"Eksistensi warga miskin ukur dijadikeun konsumpi pulitik wungkul nya, Mang. kapan kiwari ge saban iklan ti tokoh nu hayang jadi pamingpin mah kabeh midangkeun pasualan kahirupan masarakat miskin."
"Enya. kitu ceuk parasaan warga miskin mah, Lo."
"Lamun maranehna geus jeneng sok tuluy dipopohokeun."
"Bener, Lo. Komo lamun geus waktuna kudu naekkeun BBM mah."
"Matak ulah daek jadi warga miskin, Mang."
"Jih, saha atuh jalama anu hayang miskin. da sarerea ge kahayang mah jadi jalma beunghar.
"Heuheuy."
"Tapi urang pada-pada ngadoa weh, Lo."
"Ngadu'a kumaha, Mang?"
"Muga-muga pamingp[in nu engke kapilih dina pamilu taun ayeuna mah sing gede kanyaahna ka masarakat miskin."
"Amin."

Diambil dari majalah Mangle, Edisi 2463 | 13-19 Februauri 2014. halaman 56

Tidak ada komentar:

Posting Komentar